Loading...
Selasa, 03 Oktober 2023

Hirup mah kudu siga dua leungeun ulah siga dua ceuli

Hirup mah kudu siga dua leungeun ulah siga dua ceuli

Leungeun katuhu jeung leungeun kenca tugasna béda, garapana ogé béda tapi teu pada sirik.

Anu nulis surat, leungeun katuhu, anu nandatangan leungeun katuhu, anu narima duit gé sarua leungeun katuhu. Ari meuli jam tangan keur leungeun kénca, meuli ali ogé keur leungeun kenca.

Ceuk leungeun katuhu; Pék baé manéh maké ali, urang mah moal sirik, peupeuriheun gawé manéh mah dinu kotor waé. Ngisangan budak bagéan manéh, ngajingjing bangké beurit bagéan manéh.

Lamun leungeun kénca arateul digaro ku leungeun katuhu, teu diantep sina gégétrét. Nyakitu deui leungeun kénca ka leungeun katuhu.

Fungsina leungeun téh beda; curuk fungsina keur nyarékan, jempol keur muji, cingir keur ngahina jelema. Kabéhanana boga fungsi masing-masing. Anu gering struk keur tunggu imah, moal keseleun da parantina. Anu torék keur nyobaan dinamit/pepetasan. Anu kopét keur jadi bendahara atawa nu galak keur nagih hutang. Kukituna; عَلَيْكُمْ بِالْجَمَاعَةِ.

"Maranéh téh kudu hirup berjama'ah."

Ulah siga dua ceuli; Can pernah ceuli katuhu silaturahim ka ceuli kénca. Lamun ceuli kénca maké suweng, ceuli katuhu acan geuwat protés, laan siah ari manéh maké urang henteu.


Tugas jeung fungsi ramo téh beda

Dina leungeun téh aya ramo, béda tugas jeung fungsina. Curuk keur tutunjuk jeung nyarékan, cingir keur paranti ngahina, indung leungeun atawa jempol mah keur muji.

Kadé tong pacorok kokod ceuk kolot mah. Pék nyobaan nyarékan ; si bebel si kéhéd, maké indung leungeun, jadi kalah kah hayang seuri batur téh lain sieuneun. Dina hiji waktu mah ramo téh kudu ngahiji berjama'ah, sabab dahar ku curuk wungkul paling meunang ogé kecap atawa sambel.

Ngahiji jeung indung leungeun meunang kurupuk, tahu atawa témpé mah. Ku tilu ramo beunang sangu tapi saeutik, tapi ku lima ramo mah kalah teu kahuapkeun.

Pépéling jeung Panggeuing, KH A. Zakaria رحمه الله

0 komentar:

Posting Komentar

 
TOP