Nitenan ummat Islam zaman kiwari, lamun ditingali sareng ditaliti jumlahna cukup lumayan. Tapi lamun ditingali, ditaliti sareng dipariksa kwalitasna, matak nyeredet kana hate, sumeblak kana jajantung, sumarambah kana bayah, sedih... mikiran ummat anu keur diruksak tihang aqidahna ku rinyuh-rinyuh kakufuran anu matak ngagebruskeun ummat Islam kana jungkrang kahinaan, pakean taqwa anu dipake ku ummat Islam soeh malah rangsak keuna ku batu-batu kajahilan akibat tigebrus kana jungkrang kahinaan.
Konsekwensina anu sejen tina kaayaan kieu, rasa sieun nu ngancik dina diri urang kafir dina nyanghareupan jeung merangan ummat Islam, robah jadi kawani jeung optimis pasti bakal bisa ngancurkeun ummat Islam. Lamun kaayaan geus kieu, urang perlu introspeksi diri, ngahisab awak, aya panyakit naon anu ngancik dina diri ummat Islam jaman kiwari?
Diramlkeun ku kangjeng Nabi Muhammad saw ngeunaan ummat Islam akhir jaman anu keur disoro jeung diboro saperti kadaharan anu disayagikeun keur jalma-jalma anu lapar, sakumaha pidawuhna :
يوشك أن تداعى عليكم الأمم كما تداعى الأكلة إلى قصعتها. قيل : أو من قلة بنا يومئذ يا رسول الله ؟ قال : بل إنكم يومئذ كثيرون ولكنكم غثاء كغثاء السيل وقد نزل بكم الوهن. قيل، وما الوهن يا رسول الله؟ قال : حب الدنيا وكراهية الموت (رواه أبو داود)
Hartosna : “Bakal datang hiji waktu, ummat deungeun (luar islam) marebutkeun maraneh kabeh, ibarat jalma-jalma anu lapar marebutkeun kadaharan anu dihidangkeun.” Sahabat tumaros : “Naha kumargi waktos harita kaayaan jumlah abdi sadaya sakedik?” Diwaler ku kangjeng Nabi Muhammad saw : “Lain kitu, saenyana ari jumlah maraneh mah loba, tapi kuwalitas maraneh jiga budah anu ngambang dina cai. Dina jiwa maraneh kabeh aya kalemahan (al-wahn).” Sahabat tumaros : “Naon anu dimaksad kalemahan teh, ya rasulalloh? Rosulullah saw ngawaler : “Cinta dunya jeung sieun maot.”
Eces, tembres jelas, yen panyakit anu ngancik dina jiwa ummat islam teh nyaeta HUBBUD DUNYA WA KARAHIYYATUL MAUT anu bakal ngancurkeun persatuan ummat Islam jeung ngarusak kwalitas Ummat Islam teh.
Cinta kana dunya
Diantara panyakit rohani anu bakal bisa ngancurkeun kesatuan jeung persatuan sarta kwalitas ummat Islam nyaeta “CINTA KANA DUNYA”. Lamun jalma geus kaancikan ku panyakit anu kitu, pasti sagala paripolahna, tingkah lakuna bakal didasarkeun kana materi sanajan bari ngarugikeun nu sejen, lain neangan maghfiroh jeung ridlo ti Gusti anu Maha Suci. Kusabab kitu, lamun ieu panyakit geus ngancik dina jiwa kaum Muslimin, pasti niat anu hade pikeun nanjeurkeun, nyebarkeun jeung nyuburkeun ajaran Islam bakal tilem kaurugan ku panyakit bieu. Panon bakal molotot lamun diasongan amplop sanggeusna ceramah, tapi lamun teu ngan tibang meletet, malahan peureum hayam. Teu sudi abrig-abrigan lamun teu aya pulusna mendingan ngahenen jeung ngahekok di imah. Naudzu billah min dzalik upami aya da’I anu kitu. Tah pantes lamun aya da’I anu kitu dibere gelar da’i matrialis.
Cinta kana dunya teh teu dilarang ku ajaran Islam, tapi aya watesanana. Ibadah moal khusyu’ lamun di imah euweuh beas atawa sangu saremeh-remeh acan. Urang kudu hasanah di dunya hasanah di akherat. Ceuk istilah kolot baheula mah elmu tungtut dunya siar. Tapi diurang mah lolobana, lamun harta kurang gura-giru dug hulu pet nyawa, tapi lamun kurang ibadah, tenang-tenang saja bah… Kaedah diemut ku sadayana yen kahirupan di dunya teh ngan wungkul “KAULINAN JEUNG MAWA POHO”, sakumaha pidawuh Alloh swt. Dina quran :
وما الحيوة الدنيا إلا لعب ولهو وللدار الآخرة خير للذين يتقون
“Jeung taya lian kahirupan dunya teh ngan ukur kaulinan jeung anu matak poho ka Alloh; saenyana akherat leuwih hade pikeun jalma-jalma anu taqwa. Naha maraneh teu boga akal?” (al-An’am: 32)
Kumargi kitu urang kudu waspada jeung taliti dina ngawelah kahirupan di ieu dunya sabab loba tangtangan jeung godaan anu ditiupkeun ku syaithonirrojim laknatulloh, nepi ka teu saeutik manusa anu kabita kana kahirupan dunya, akhirna tigebrus kana jungkrang kahinaan da matana dipolototkeun teuing kana dunya lain dipake ngileng-ngileng pituduh Islam. Pidawuh Rosululloh saw :
إن الدنيا حلوة خَضِرة وإن الله مستخلِفَكم فيها فينظر كيف تعلمون، فاتقوا الدنيا واتقوا النساء ..... (رواه مسلم)
"Saenyana dunya teh ni’mat, hade ditempo. Saenyana Alloh ngajadikeun maraneh kabeh khalifah (pikeun ngatur) dunya. Alloh bakal ningali naon anu dipigawe ku maraneh kabeh, mangka maraneh kabeh sing ati-ati kana kahirupan dunya jeung awewe…." (HR. muslim).
Lamun ummat islam geus ngagungkeun dunya, pasti kahebatan Islam bakal dicabut, sakumaha pidawuh Rasulalloh saw :
إذا عظّمت أمتي الدنيا نزعت منها هيبة الإسلام وإذا تركت الأمر بالمعروف والنهي عن المنكر حرمت بركة الوحي (الترمذي)
“Lamun ummat kaula geus ngagungkeun dunya, maka pasti kaagungan Islam bakal dicabut, jeung dimana-mana ninggalkeun ‘amar ma’ruf nahi munkar, maka kaberekahan wahyu bakal dicabut” (HR. at-Tirmidzi).
Sieun maot
Saenyana maot mah teu kudu dipikasieun, sabab sagala anu ngabogaan nyawa pasti bakal ngarasaan maot, sakumaha pidawuh Alloh swt dina al-Qur’an :
كل نفس ذائقة الموت وإنما توفون أجوركم يوم القيامة فمن زحزح عن النار وأدخل الجنة فقد فاز وما الحيوة الدنيا إلا متاع الغرور
“Sakur anu nyawaan mah bakal ngalaman maot. Wawales ka maraneh ngan wungkul baris dicumponan dina poe kiamat. Ku sabab eta, sing saha anu disingkahkeun tina seuneu naraka sarta diasupkeun ka sawarga, eta the jalma-jalma nu geus untung. Kahirupan dunya mah taya lian ngan kasenangan palsu”. (QS. Ali Imran : 182).
Anu kudu dipikarisi jeung dipikasieun mah nyaeta kahirupan saba’da maot. Sabab didinya sagala amalan urang keur di dunya bakal dihisab nurutkeun hade-gorengna. Nu hade sawarga bageanana. Ceuk istilah jalma kiwari mah : “Jangan anda takut terhadap mati, sebab mati akan terjadi, walau anda lari ke peti besi pasti mati akan menimpa diri. Tetapi hendaklah anda takut hidup sesudah mati, di sanalah anda akan dihisab tentang amalan diri sehari-hari oleh Illahi Rabbi”.
Lamun ieu panyakit geus kronis ngancik dina diri ummat Islam, pasti dina nyebar nyuburkeun sarta negakkeun bendera al-Haq ngancurkeun al-Bathil aya rasa was-was, sieun ku kitu, sieun ku kieu. Akhirna anu bathil bisa subur ku lantaran ummat Islam ngabogaan panyakit tea. Piraku ummat Islam rek cicingeun ngadangu informasi “Jilbab the lain ajaran Islam?” piraku ummat Islam rek cicingeun ngadangu “Hukum warits anu aya dina Al-Qur’an teu relevan jeung jaman kiwari?”. Ku sabab kitu, mungpung urang masih keneh kumelendang di alam dunya, masih keneh di pasihan umur ku Gusti nu maha Suci, hayu urang sadaya menjuangkeun Islam ulah aya rasa was-was sieun ku kitu kieu, sing yakin Alloh pasti bakal ngabelaan hambana anu merjuangkeun Risalahna. Pidawuh Alloh :
يا أيها الذين آمنوا إن تنصروا الله ينصركم ويثبت أقدامكم
“Yeuh jalma-jalma anu ariman!, Upama maraneh nulungan (agama) Alloh, tanwande Anjeunna nulungan sarta nguatkeun tangtungan maraneh” (QS. Muhammad : 7)
0 komentar:
Posting Komentar